Pengertian Carpon (Carita Pondok) & Contohnya
Carita pondok atawa mindeng disingget minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carpon téh mangrupa tarjamahan tina Basa Inggris nyaéta short story atawa nu basa Indonesiana cerita pendek. Wangun carita pondok nu aya dina sastra mah datangna ti Eropah. Nepi ka ayeuna teu acan aya watesan naon ari carita pondok téh, nu puguh mah carita pondok teh nyaéta kajadian atawa sabagian tina kajadian anu dicaritakeun ku pangarangna kalayan daria, puguh anu ditepikeunana, karasa ayana hiji masalah, puguh tokoh atawa nu ngalakonna bari ninggalkeun kesan keur nu maca.
Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.
Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Lutung Kasarung.
Carpon :
LUTUNG KASARUNG
Kacaturkeun
di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan
putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua
Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik,
nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu
Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos
ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari,
putra bungsu.
Atuh munasabah baé,
Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu.
Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan,
Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa
anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun
hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu
raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa
jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir
Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan
Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk
leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan.
Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék
wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat
pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih
lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara:
“Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki.
Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,”
walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung
téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki
Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu
teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér
pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér
dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun,
lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk
teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya
kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka
Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton.
Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari
koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun
taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang
lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun
taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat.
Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima,
sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing
sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka
Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung
unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
de“Éh Mama
Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun
lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun
goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang
ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung.
Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung
kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula.
Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah
tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem
tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh
nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat
misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda
mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray
baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan,
sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara.
Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra
banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui,
tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan
Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti
leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah
ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih
pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat
sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung,
dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala
banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku
Purbasari ka nagara.
Purbasari
dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung
ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré
pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi
Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang,
antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping,
papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara
mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna
Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh,
Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya.
Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung. Purbasari éléh, tenggekna kari
saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung
Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu,
Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék
jadi Guruminda deui. Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan
kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di
Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat
deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit,
dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti
baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina
raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.
Contoh Carpon Basa
Sunda Anu Judulna Onyet.
Carpon :
ONYET
Rumasa rada tambélar. Rumasa
indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng,
diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk
gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing
atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka
pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri
nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.
Kang Sabri
ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan
pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga
wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana
kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé
nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga
wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu.
Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu
ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga
wiwaha.
Kang Sabri
téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé
awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan.
Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh
diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja
hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan,
pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka
kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan.
Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran.
Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok
rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu
leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik
wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan.
Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu
dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin,
nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat,
ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si
bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik
bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah,
tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di
kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang
Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro
digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan
ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa,
silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah
teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna
sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu
panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana
lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana
karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré
sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya
hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun
bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa
meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig
leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong
boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa,
kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu
atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu
sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun”
cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki
gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina
tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di
hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu
ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh
hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri
teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari
nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah
ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu
sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi
ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang
Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng
ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul
baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil,
ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka
dirina, naon atuh onyét téh.
Ampir tabuh
lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk
guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna
kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu
ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas.
Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri
gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah
imah.
Bi Amah geus
biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon
wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih
ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari
ngadagoan waktuna magrib.
Geus
kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila
paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya.
Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi
Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya,
tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah
“Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit,
teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna
mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina
artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung
téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus
budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari
Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna
sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu
kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang
candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang
wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.
Contoh Carpon Basa
Sunda Anu Judulna Girimis Teu Bae Raat.
Carpon :
GIRIMIS TEU BAÉ RAAT
Asa geus peuting pisan.
Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng
deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa
nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati
caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum
ngungun.
Ti peuting kamari kénéh, adi
kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun
mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut
jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi
dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di
buruan,” omongna.
Emh.
Diteuteup
deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur
ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah,
bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru
pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring
geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong baé aya nu
ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can kénéh baé
raat.
Pirajeuneun kuring turun tina
pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju katangén, lebah
juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis
ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya anggeusna. Tuda
enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering
teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur
ngariung balakécrakan satutas sambéang
Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa méméh enya nilar
sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring
anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya sasaha ari lain
tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu
caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng
rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di
buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti
saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban waktu Ema kudu
waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan
Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di
kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna téh can hararayang
atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa
beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna bet
sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur
bawaeun mulang…”
Ari dirérét,
adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu
murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun
lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun ka buruan, cara
tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki
kerep waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki
pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé.
Sakapeung témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manéhna
malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
“Ku naon Apa teu disina
lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu bati hémeng.
Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun
leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar
bari tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan,
bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema
ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan
katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan.
Sajongjongan mah anteng baé
neuteup ka kuring.
“Pangnyandakeun paying di
pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa
diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah,
ngan segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring
ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.
(Dicutat tina kumpulan Carpon
Mini Sunda: “Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta”, diterbitkeun ku Lembaga
Kabudayaan Mekar Parahyangan, Klub
Pecinta Sastra Bandung, jeung PT Kiblat Buku Utama, 2002)
Contoh Carpon Bahasa / Basa
Sunda Nguseup
Carpon :
NGUSEUP
Ku : MAMAT SASMITA
Kang Sabri ngingkig indit ka
kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan
tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh.
Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot
teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés,
dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup
dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan.
Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin
ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir,
genah karasana.
Poé ieu rék
nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké
manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul.
Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah
nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran
museur hayang meunang lauk gedé.
Ngalelentuk nyekel jeujeur,
karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi
jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun.
Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper
dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék
indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah
ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.
Séak jeujeur aya nu metot.
Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu
dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu
ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung
narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.
Gudibegna lauk kaciri dina cai
nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.
Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur,
biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah,
kokoléaban dina beungeut cai.
Enyaan bibit, mun ditimbang
mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.
Kang Sabri muru ka sisi
walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk
ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai
muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.
Lauk ngoléab deui. Kek
ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa
tereh megar.
Kang Sabri neuteup lauk, lauk
neuteup kang Sabri.
Biwir lauk engap-engapan. Kang
Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku
kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..
Lauk buncir hayang leupas,
koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.
Kang Sabri
ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon
manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.
Lauk dina koja ngagudibeg,
kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.
Mun ieu lauk diala, digoréng,
dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih.
Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat
kabina-bina.
Tapi saha nu rék masakna?, di
imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak
mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana.
Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun
sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.
Kang Sabri,
lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi
pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu
Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking
di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep
wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas
najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.
Ayeuna gé
nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum
ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.
Lauk
kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua
puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk
diteuteup, buncir pisan.
Endogna pasti loba, mun megar
pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.
Lauk
engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid,
kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk
digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk
dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal
nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan
hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok
nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah
sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok
nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.
Jeujeur nu dicekel diselapkeun
jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan
kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing
dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna
bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending
dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun,
mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget
kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri
ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha
bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok
dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung
moal laas ku jaman.
Koja dibuka,
lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli
jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan,
geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu,
meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh
kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana
dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.
Keur kitu aya nu ngomong
tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.
Ari dilieuk
sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang
Sabri ngajar.
“Eu..sumuhun mang, karunya
nuju buncir endogan”.
“Lah jang guru mah, ari ka
emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas
tilu kiloeun”.
Kang Sabri teu ngomong, ukur
ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya,
teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.
“Muhun mang, engké upami
kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.
“Leres jang guru, da panginten
urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu
nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras
dileupaskeun deui”
“Bénten
paniatan kumaha mang?”
“Ari emang
mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh
kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur
tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo
réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh
mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés
udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur,
gudibegna lauk. Ari kanggo emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang
dahar, balakécrakan dahar lauk”.
Kang Sabri unggut-unggutan,
kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.
Mang Kanta ngajogo nungguan
useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.
Sabulan ti harita dina mangsa
poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan
kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make
eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang,
laukna rék dibikeun ka mang Kanta.
Useup dialungkeun kana cai nu
liuh, nu caina semu muih lalaunan.
Anteng manteng, neuteup
tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.
Cék sawaréh
nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri.
Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak
mang Kanta balakécrakan.
Méh tengah
poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat
dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh
gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.
Kaciri lauk badag, nyoloyong
nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk
leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik
kénéh sagedé-gedé cinggir budak.
Lauk badag beuki nyoloyong
nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.
Subhanalloh
cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun
ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing,
lauk ukur engap-engapan.
“Ieu téh manéh leungli?” kang
Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.
Dina biwir cai anak lauk beuki
ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.
Kagambar
beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak
mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.
Lauk badag diusapan, lauk
badag dirawu di ka caikeun deui.
“Leungli kuring nganuhunkeun,
anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak
manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari
nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai
nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang
Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum
dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.
Kang Sabri bébérés, kenur
digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.
Contoh Carpon Bahasa / Basa
Sunda Kereteg Hate
Carpon :
"KERETEG HATE"
Cahaya bentang pating gurilap,
bulan imut ngagelenyu ninggali kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak
ceurik, angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah
katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh
na ubun-ubun, kuring haying ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring awewe
jadi naluri kuring leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan
pikiran kuring, naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu
pasanggiri eta, teu pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh.
Leuheung lamun diulahkeunnana the mun
kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di catwalk, kuring ge rada
kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing, dug sek kuring
ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….
“Teh gugah
atos siang” kadenge sora indung kuring
ngagero bari ngetrokan panto, kuring ngaleret
kana jam, “Aduh jam 05.00” kuring reuwas, henteu biasana kuring hudang
sabeurang kieu kuring nangtung tur muka panto bari wegah mun kuring keur teu solat jeung sakola mah mereun kuring
moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha. Kuring kaluar ti
kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud kitu?” pok bapa
kuring nanya, kuring ngan saukur imut ngagelenyu bari wegah, “Neng geulis, ibu
mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng kunanaon, apan Neng
teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng bapa jadi mataksieun lamun aya nanaon
mangkaning Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut”. Indung kuring ngadeukeutan
bari ramisak ceurik, hal anu teu bias ku kuring ditempo teh nyaeta nempo ibu
jeung bapa kuring ngaluarkeun cimata. Kuring nangkeup indung kuring
tur pok ngomong “Ibu, Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu ngawidian
mah, hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa”. Kuring ngilu ceurik
nginghak “Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi kasuksesan Neng, doa ibu
sareng bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring bingah, kuring jangji moal
ngecewakeun ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* * *
Braaaak…
kadenge aya nu ngebragkeun meja “Nisaaaaa….kerjakeun soal dihareup, ngalamun
wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung hareupeun kuring bari
melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi kuring keur ulin ka hayalan jaman
baheula basa kuring SMA, ayeuna kuring geus jadi panulis, 3 novel jeung 1
kumpulan carpon kuring geus di publikasikeun jeung meunang respon anu alus ti
masarakat. Kuring Annisa, umur kuring ayeuna 20 taun, kuring kuliah di salah sahiji
universitas di kota Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa semester 4. “Nisaaa
hayoh kahareup cicing wae !” dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab
bari tungkul sieun “Tapi pa, kuring teu acan paham” ayeuna dosen kuring
ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas “Sok, saha anu arek ngabantuan Nisa
ngerjakeun soal di hareup?” tantang dosen eta, jep sakabeh murid jempling
“Kuring Pa” ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang wahh… saha
eta anu arek ngabela kuring, aya rasa
atoh dina hate kuring sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian eta kuring
jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh ngarana
Sam, biasa di sebut kitu tapi ngaran aslina mah Samuel cenah.
Jadwal kuliah geus beres, kuring
buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede
jadi kapaksa kuring ngiuhan heula, muga we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring
reuwas, aya anu nepak taktak kuring, “Eh” kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya
naon?” kuring bingung nempo manehna aya didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa he,he”
manehna imut, aduh meuni lucu katinggalina, aduh kuring mikir naon sih, entong
kitu Nisa hayoh istigfar. Sam lain asli urang Sunda, manehna katurunan Tionghoa
jadi teu aneh lamun panonna rada sipit tur kulitna bodas, manehna can rada
bentes ngomong sunda jadi bahasana sakapeung campuran, Indonesia jeung sunda.
Kadenge sora adan ngumandang kuring niat arek solat heula bari nungguan hujan,
“Eh Sam, punten Nisa bade awoh ashar heula nya ka masjid” kuring ngaleos
ninggalkeun Sam anu katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid
kampus
“Assalamualaikum
wr.wb” astagfirullah, kuring ngajenghak reuwas pas salam kadua tanda beres
solat pameunteu kuring pasangrok jeung pameunteuna Sam, aduh ti iraha budak ieu
di dieu, ;’Haaah, Sam ngareureuwas” kuring ngagebug leungeunna “Sam terang
timana Nisa aya di dieu? aduh make kadieu sih ieu budak pan ieu mah tempat
khusus akhwat” kuring ngomong bari nyiwit pipina “Aduh Nisa sakit” ceuk manehna
bari ngusap pipina nau di ciwit bieu ku kuring, kuring ngan bisa seuseurian
nempo manehna nyerieun, ha,ha.. “Nisaa kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih
kaya pocong aja, hi,hi” manehna nanya bari ngeleg “Ih Sam, (kuring jamedud)
tadi kuring solat, solat teh ibadah anu wajib di laksanakeun ku sakabeh umat
muslim, kin cerita lengkepna di jalan we nya isin di dieu mah seueur jalmi”
kuring jeung Sam tuluy indit kaluar. Loba pisan pertanyaan anu di
ajukeun ku manehna ka kuring soal agama, kuring malum da kuring jeung manehna
mah beda agama, agama manehna mah keristen.
Lila beuki lila kuring jadi deukeut
jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate Lmun kuring ninggali raray na,
kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu hoyang pisan lamun nempo
manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan rasa bagja, sabab rek
papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu kuring teu papanggih
jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di kelas, kuring lurat-leret
ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di tutungguan teh, ah meureun can
datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa karingrang ngarungkupan. Kaluar ti
kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti tempat kuliah ka kost an kuring
teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku leumpang. Rencana na ti kost an
kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya kajadian nu teu dipikahayang nimpa
ka manehna, das sms kuring teu di bales, telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok
panto bari ngagero, kadenge panto dibuka “Iya, eh ini Neng Nisa ya? mari masuk”
ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring
teh Nisa apan kuring teu acan pernah kadie, nyaho imahna ge karek bieu ti babaturan kuring. “Oh muhun”
kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang maratan langit, tuluy
kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah Sam aduh gede pisan
subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan
dulu ibunya” oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren kos lain pembantu,
tuluy pembantu eta indit. Teu kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya
awewe saumuran indung kuring nangtung di hareupeun kuring “Waalaikumsalam”
buru-buru kuring ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa,
katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa
gimana sama Sam?” kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha
make kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring masih keneh bingung
tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari lingsem) ehm, punten
ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah?” ngadenge pertanyaan
eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu kuring sieun,rasa ringrang balik
ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu tanya jeung kasieun minuhan pikiran
kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak
bias bilang sekarang” indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu ngarti
naon maksudna tuluy indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata
langsung ngucur ti mata indung Sam. Sam? kamana anjeun?
Sapaparat jalan kuring ngan bisa
tungkul sabari maca kalimah kalimah zikir, sakapeung indungna Sam nyekel
leungeun kuring tanda nenangkeun. “Nisa kita sudah sampai” kuring beunta tuluy
luak lieuk kasakuriling tempat eta, naha indung Sam ngajak kuring ka pasantren
kieu, kuring leumpang nuturkeun indungna Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji
panto, bray panto eta di buka, kuring olohok kasengsem “Sam” bener anu diuk eta
Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make gamis jeung peci bodas meuni rapih
katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan ngajak diuk ka kuring tuluy
indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna jeung kulawargana
ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina bina, saurna Sam berubah
gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring, kulawargana ge teu nentang basa
Sam mutuskeun rek asup islam malah kulawargana ngilu asup islam.
Di taman kawasan pasantren eta kuring
leuleumpangan jeung Sam, aduh kuring teu kiceup kiceup nempo dirina subhanallah
sababaraha kali kuring ngucap kalimah eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu
ha,ha) di tengah tengan jalan Sam
ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring, kuring asa risih di
kitukeun ku manehna “Nisa ayeuna urang tos saagama, Nisa hoyong teu jadi
bidadari anu maturan hirup Sam salilana dunia sarta aherat?” kuring lingsem
tanda satuju.
Written By Pudji Anisya (Jisya Rasyid)
Contoh Carpon Bahasa / Basa
Sunda Batu.
Carpon :
BATU
Rendy B. Junior
Balé Désa Sukaramé, angin
ngahiliwir, motor lalar-lilir lalaunan dina jalanna nu can diaspal, tina taneuh
jeung batu kénéh. Di balé, keur
diayakeun musyawarah antara kapala désa jeung warga. Ngamusyawarahkeun
duit anu disumbangkeun ku pamaréntah ka Désa Sukaramé.
“Assalamu’alaikum wr.wb.
Ayeuna urang saréréa ngariung didieu pikeun mutuskeun badé dikumahakeun
sumbangan 100 juta ti pamaréntah. Saur Pa Camat, saéna mah ieu sumbangan téh
dianggé pikeun ngabangun ieu désa. Masalahna, naon nu rék dibangun kuurang? Aya
nu badé ngaluarkeun pamadegan?”, Pa Kadés muka musayawarah.
Pa Dudin sumanget langsung ngacung.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang
ngabangun mesjid deui?”
“Maenya mesjid deui, apan
karak kamari ngabangun mesjid téh?”, ceuk Pa Tono rada sinis.
“Muhun Pa Dudi, leres saur Pa
Tono. Saéna mah ieu sumbangan urang anggé kanggo keperluan anu penting pisan”,
saur Pa Kadés.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang
lereskeun pasar wé atuh, renovasi...”, saur Hj. Enok, juragan jengkol Pasar
Sukaramé.
“Ah, éta mah ngeunah teuing
didinya, nu boga jongko. Pa Kadés, kumaha lamun urang ratakeun jalan désa, tos
teu aya bentukan jalan teh, ngagarinjul batu wungkul, matak paur ka nu nyandak
motor. Jeung deuih batu-batu na paur ngabetrik ka nu lalar-lilir di jalan. Mun
tiasa mah di cor”, ceuk Mang Ujang.
“Saé tah Kang Ujang, kumaha nu
sanés? Satuju teu?”
“Satuju...”, ceuk warga nu séjén
babarengan.
Singget carita, dina éta
musyawarah kénéh, dibentuk hiji tim proyék pikeun ngaratakeun jalan désa.
Anggota éta tim nyaéta Mang Asép, Mang Dudi, jeung Mang Suha. Tiluan éta téh
katelah tukang bangunan nu pangjagona di Désa Sukaramé.
Isukna, éta
tim ngayakeun survei lapangan, pikeun ngadata naon waé nu diperlukeun jang éta
proyék.
“Sok, ayeuna mah urang ukur
heula jalanna, supados gampil ngitung bahanna”, ceuk Mang Asép.
Der éta jalan diukur maké
méteran nu sok aya di tukang jait.
Saméter... Dua méter... Tilu
méter...
.......
Salapan puluh lima meter...
Salapan puluh genep meter...
“Wah, Mang Suha, Mang Asép,
gawat ieu mah. Aya batu!”, Mang Dudi manggihan batu nu gedé na kacida
“Kudu diangkat ieu mah, pan
rek diratakeun heula saacan dicor”, ceuk Mang Suha.
“Kumaha ngangkatna coba, gedé
kieu. Kudu diancurkeun heula ieu mah”, témbal Mang Asép.
“Maké naon ngancurkeuna? Gedé
kieu batuna, tuh panjangna gé meni sameter satengah”, Mang Suha bingung.
“Maenya kudu ku bor??? Tukang
sumur bor di lembur urang téa, mahalna kacida”, ceuk Mang Dudi.
“Ah moal neurak ku bor mah,
bangun kandel batuna gé, kumaha atuh?”
“Nya kumaha deui atuh, kudu
nyéwa buldoser???”
“Ayeuna mah urang ka Pa Kadés
wé, bisi salah”
Tepi di balé désa, Mang Suha
langsung nyaritakeun masalah éta batu.
“Urang nyéwa buldoser wé lah
ari kitu mah, ari tos ancur mah pan gampang diangkat na gé”, ceuk Pa Kadés.
Der buldoser disewa, aya kana
10 juta kaanggo. Isukna buldoser nu disewa datang.
“Mana batuna?”, ceuk tukang
buldoserna.
“Ieu tah”,
témbal Mang Asép bari nénjrag éta batu, nincakna ditanagaan.
Kreeekkreekrekk...
KREETEK...
Can dibuldoser, can dikumaha
batu téh. Sanggeus ditincak ku Mang Asép éta batu langsung potong, raretak.
“Hor, naha ancur tiheula batu
téh???”, Mang Asép bingung.
Tuluy ditempo, ditilikan éta
batu téh ku tiluan.
“Ah! Paingan, badag wungkul
batu téh!!! Kandelna mah ngan sasenti!!! Ditincak gé potong sakieu kandelna
mah!”
“Boro mah geus nyéwa
buldoser!!! Lapur aing mah...”, Mang Dudi keuheul.
” Kumaha laporna ka Pa Kadés???”,
tiluan baringung.
“Mantakna,
mun ningali masalah téh tong sok langsung ngarasa hésé, cobaan wé heula, bisi
wé bisa urang pecahkeun masalahna...”, ceuk tukang buldoser tenang, da geus
dibayar...
Contoh Carpon Bahasa / Basa
Sunda Si Kabayan Moro Uncal.
Carpon :
SI KABAYAN MORO UNCAL
Isuk kénéh Si Kabayan jeung
mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged,
maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang
nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag
boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si
Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung
dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut,
Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi
ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan.
Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun
manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan,
néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu
ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari
torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal.
Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga
kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu
bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan
panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka
handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu
sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira
reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk
uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang
ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh
muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit
ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu
aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro
nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé
ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal
ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu
badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan
bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu,
ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh
geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari
marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si
Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si
Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2,
Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)
0 komentar: